Kepala SMK Pertiwi Kuningan, Déa A. Vamitrianto nyebutkeun, luyu reujeung visi anyar sakola nu dipingpinna nu ngait kana sual nyitak wirausahawan, sajaba nyitak lulusan pikeun digawé jeung nuluykeun kuliah, dipiharep lulusan ieu sakola muka lolongkrang usaha.
Sababaraha produk nu dihasilkeun nyaéta produk kuliner, karajinan, aksesoris, pembersih otomotif, parfum, aplikasi android, aplikasi Sagaku, mobil listrik, tools otomotif, jeung produk séjénna deui. Ėta produk hasil siswa dipamerkeun ngaliwatan Bazzar SMK Pencetak Wirausaha (SPW), nu lumangsung salila tilu poé, sawatara waktu kaliwat.
“Sadaya siswa aub dina kegiatan produk kreatif sareng kawirausahaan, siswa diajar ngalakonan riset sareng inovasi ngahasilkeun produk nu tiasa ngahasilkeun hususna kanggo siswa,” ceuk Dea, ka Galura, sawatara waktu kaliwat.
Tarékah kawas kitu, ceuk Déa, dipiharep sakumna siswa SMK Pertiwi Kuningan nu dipingpinna miboga pangaweruh henteu semet widang nu luyu reujeung kompetisi kaahlian, sajaba ti éta kudu miboga jiwa wirausaha.
Ceuk Déa, program SMK Pencetak Wirausaha ieu bisa ngahasilkeun bibit-bibit wirausahawan, sakalian ngarojong program pemerintah. Upama lulusan SMK digawé atawa kuliah memang geus sakuduna, tapi lamun lulusanna jadi pangusaha baris leuwih hadé, ku sabab bisa muka lapangan pagawéan anyar.
Pikeun ngarojong program kasebut, kiwari SMK Pertiwi Kuningan meuli lahan nu legana 2000 m2 di hareupeupeun kampus sakola kasebut. Di éta lahan baris dibangun bisnis center sakola nu dirojong industri badag pikeun méré lisensi, palatihan, élmu, jeung modal pikeun bisnis nu baris dibangun.
“Dunya usaha industri baris ngabantos dina hal jaringan markéting. Dibangunna bisnis center program SMK Pencetak Wirausaha SMK Pertiwi Kuningan baris langkung maksimal,” pokna.*** Ajun Mahrudin