WEWENGKON Désa Subang, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan, kacatet dina lambaran sajarah perjoangan dina mangsa revolusi kamerdekaan Republik Indonesia. Monumen Markas Besar Komando Djawa (MKBD) nu ngadeg di éta désa, kiwari jadi ciri nu mandiri yén di ieu désa wewengkon pakidulan Kabupatén Kuningan, kungsi dijadikeun Markas Besar Komando Djawa. Éta nuduhkeun yén Désa Subang minangka daérah basis perjoangan.
Sakumaha nu diccutat dina Buku Perjuangan Rakyat Kuningan Masa Revolusi Kemerdékaan (DHC Angkatan ‘45 Kabupatén Kuningan), nu dipedalkeun ku Kiblat Buku Utama Bandung, saenyana aya opat MKBD nu diadegkeun boh di pulo Jawa boh luar pulo Jawa nyaéta MKBD Jawa Timur, MKBD Jawa Tengah, MKBD Jawa Barat jeung MKBD luar Jawa.
MKBD Jawa Timur, di Désa Sokoh, Kecamatan Kwadungan, Kabupatén Ngawi, MKBD Jawa Tengah di Désa Kepurun, Kecamatan Masirengga, Kabupatén Klatén, MKBD Jawa Barat di Désa Subang, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan jeung MKBD luar pulo jawa di Kabupatén Bukitinggi Sumatera Barat.
Éta opat MKBD téh dibentuk ku Panglima Tentara Teritorium Djawa (TTD), Kolonel A.H Nasution. Markas komando nu diadegkeun di Desa Subang Kuningan, miboga kodeu nyaéta MKBD Cop.X4, dipingpin ku Letkol. Sukanda Bratamanggala, nu ditunjuk A.H Nasution minangka kepala staf jeung aparat, ngarangkep Wakil Panglima TTD wilayah Jawa Barat.
Saméméh kajadian Agresi Militer II, Letkol R.K Sukanda Bratamanggala mancén minangka Komandan Brigade I/Tirtayasa di Banten, nu satuluyna diganti ku Letkol dr. Eri Sudewo, tanggal 17 Juli 1948.
Ngadegna MKBD Jawa Barat di Désa Subang téh pikeun ngadalikeun kagiatan-kagiatan perjoangan di Jawa Barat. Salian ti éta ogé minangka komunikator antara Jawa Barat reujeung pingpinan puseur di Yogyakarta.
Hubungan antara Kepala Staf MKBD Cop. X4 wilayah Jawa Barat jeung Panglima Divisi Siliwangi, pon kitu jeung Gubernur Jawa Barat harita Ir. Ukar Bratakusumah kacida hade, utamana dina sual ngurus pasualan organisasi jeung ngadalikeun perjoangan di Jawa Barat.
Naon rupa nu dilakonan bisa gancang nepi ka pingpinan di Yogyakarta téa. Teu matak héran, lamun dina sual ngatur stratégi jeung operasional tempur Pasukan TNI di wilayah Jawa Barat bisa dilakonan kalayan bérés roés.
Kunaon pangna MKBD diadegkeun di Désa Subang? Ceuk Sukanda Bratamanggala, sakumaha nu ditulis dina Buku Perjuangan Rakyat Kuningan Masa Revolusi Kemerdekaan, Dewan Harian Cabang Angkatan ’45, éta dumasar ayana kawijakan jeung tinimbangan yén wewengkon Désa Subang kaasup daérah nu stratégis pikeun ngatur stratégi perang. Ieu daérah nu perenahna di tapel wates Kabupatén Kuningan-Ciamis téh, teu pati kahontal ku pasukan tentara Belanda mangsa harita.
Hartina, Belanda hésé pikeun ngalacak puseur dina ngadalikeun perang gerilya di Jawa Barat. Salian ti éta, pasukan Tentara Siliwangi geus kacida mikawanohna lelewek sabudeureun daérah Désa Subang, Boh basa waktu hijrah ka Yogyakarta boh kajadian Long March, nyaéta basa mulang deui ka Jawa Barat.
Basa ngalakonan Long March ti Yogyakarta ka Jawa Barat hususna wewengkon Subang, nu dipingpin ku Kolonel R.K Sukanda Bratamanggala, rombongan téh ngawengku tilu komponen nyaéta pemerintahan militer, Divisi Siliwangi jeung Pemerintahan Sipil Provinsi Jawa Barat nu harita gubernur-na Ir. Ukar Baratakusumah, teureuh tatar Galuh Galuh Ciamis.
Pingpinan nu milu dina rombongan Long March ti rengrengan pemerintahan militer (teritorial) diantarana R.K Sukanda Bratamanggala (Wakil Kepala Staf Tertorial Komando Jawa Barat/Kepala Staf MBKD Cop X4), Sentot Iskandardinata (Asisten Operasi dan Pengamanan), Alibasah Satari (Wakil Asisten Operasi dan Pengamanan). Naya Iskandar (Sekretaris/Ajudan), dr. Tarekat (urusan kesehatan).
Salian ti éta, Kurnia (urusan perhubungan), H.O Iskandar (urusan perlengkapan), H. Rusdi dibantu ku Ishak Ranasasmita (urusan keuangan), Herman Saren Soediro (Komandan Kompi Staf Decking, Asep (komandan peleton I ), Djoko (komandan peleton II jeung Alfons Lahama (komandan peleton III), Syamsudin, Sumiarsa jeung Hari Sukardi (urusan perbekalan) jeung Osa Maliki dibantu ku Musa Suryana (urusan penerangan).
Ari pingpinan ti réngréngan Divisi Siliwangi nu milu dina rombongan Long March téh Abimanyu (Panglima Divisi Siliwangi), Abdullah, Himawan Soetanto jeung Sayidiman. Ti pemerintahan sipil Provinsi Jawa Barat mah nyaéta Ir. Ukar Bratakusumah (Gubernur Jawa Barat)..
Dina nangtukeun milih lokasi MKBD téh, dumasar kana kawijakan jeung tinimbangan kalawan asak, ngabalitungkeun untung jeung rugi dina nyanghareupan musuh. Kawas dina bulan Mei 1949, saméméh tentara Belanda asup ka sababaraha désa wewengkon Kecamatan Subang, geus nyampak tentara Siliwangi.
Kituna téh kusabab saméméhna tentara Siliwangi geus nyebar di saban pakampungan di diantarana di sabudeureun Désa Legokhérang, Désa Jalatrang jeung Kampung Mandapa. Maranéhna mondok moék di imah warga. Teu saeutik nu di tepis wiring gunung, ngadagoan paréntah ti MKBD Corp. nu harita puseurna di Kampung Cijambu Désa Subang pikeun ngayakeun operasi militer.
Dina tanggal 15 Juni 1949, MKBD ngaluarkeun paréntah husus ka Herman Saren Soediro, minangka Komandan Staf Décking MBKD Cop.X4 ngaliwatan Surat Perintah No. IX7/MBKD/XY/49. Dumasar éta surat paréntah, dina bulan Juli 1949 anggota MKBD ngepung tentara Belanda.
Basa ngepung tentara Belanda nu harita jumlahna sakompi téh, munggaran Staf Decking MBKD Corp.X4 nurunkeun saregu tentara Siliwangi, dipingpin langsung ku Herman Saren Soediro. Harita pasukan tentara Siliwangi, dibantu ku saregu pamuda Subang nu aya dina papayung kordinasi KODM Subang.
Dina kaayaan harita, kajadian kontak senjata nu ngabalukarkeun pihak Belanda rea nu ngalaman bobor karahayuan . Ari ti pihak pajuang, saurang pamuda nu ngaranna Muskim, urang Kampung Cijambu (Cimalaka) gugur.
Nu kadua kalina, TNI ngepung sababaraha urang tentara Belanda nu kaparengkeun keur ngariung jeung pada baturna di Alun-Alun Désa Subang. Salian ti éta ogé réa tentara Belanda nu kaparengkeun keur lalajo maén bal. Harita mah TNI nurunkeun dua kompi jeung sapeleton pamuda Subang.
Téntara Belanda dikepung ti sababaraha juru, diantarana ti lebah Pasir Kadupuguran, Kompi Aria Kamuning ti Kuningan nu réana sakompi, ngayakeun serangan ti Pasir Mangguan. Ari pamuda Subang, nu kakuatannana sapeleton ngayakeun serangan ti tebéh kidul Pasirwuni.
Ku ayana serangan pasukan Siliwangi, nu terus-terusan ngagempur pasukan Belanda, ngabalukarkeun pihak musuh katétér. Réa tentara Belanda nu tiwas, nu antukna layonna ku pihak tentara Belanda diasupkeun kana jero karung goni, dibawa ka Rancah (Kabupatén Ciamis).
Alatan ayana serangan TNI Siliwangi harita, teu saeutik tentara Belanda nu ngarasa bingung dina nerapkeun stratégi perang jeung stratégi pulitik. Pamustunganana maranéhna ninggalkeun sabudeureun wewengkon Subang.
Kawasna, tentara Belanda ambek nyedek tanaga midek, da harita basa ninggalkeun Désa Subang téh maranéhna ngaduruk heula imah-imah warga. Kacatet dina buku Perjuangan Rakyat Kuningan Masa Revolusi Kemerdekaan, imah warga Subang nu diduruk ku tentara Belanda harita jumlahna kurang leuwih 667 imah, diantarana 19 tajug atawa mushola. Nu nyésa nyaéta masjid jeung 3 imah warga, nu henteu diduruk.
Tentara Staf MBKD ninggalkeun Subang nujul Rancah Ciamis, nu satuluyna nujul ka Bandung. Kituna téh sabada dina bulan Agusttus 1949 kajadian gencatan senjata (Case Fire) antara Republik Indonesia jeung Belanda.
Dina waktu nu sarua Staf Decking MBKD di Subang indit ninggalkeun Subang nuju lelewek Ciwaru terus ka lelewek Désa Manislor, Kecamatan Jalaksana, nu maksudna rek nepungan Mayor A. Gani salaku Kepala Bagian Pemerintahan Sub Terotrium I Pimpinan Mayor Rukman.
Pikeun pangeling ngeling generasi anyar jeung ngajénan pajoang, dina tanggal 19 Desember 1987 aya upacara badag nu tempatna di lapang Burujul Desa Subang. Éta upacara téh sakalian mitembeyan ngawangun monumnen MBKD, di deukeut lapang maen bal Desa Subang.
Batu munggaran ngawangun Monumen Perjuangan Rakyat Semesta, harita dilakonan ku Pangdam III Siliwangi Mayjen R.I Siregar. Dibangunna éta monumén téh alpukahna Yayasan 19 Desember 1948, nu pupuhuna harita nyaéta Letjen (Purn) Suryo Sularso.***Ajun Mahrudin