SABAN nyanghareupan poéan lebaran, umumna pangrajin peuyeum ketan Kuningan maréma ku anu mesen. Biasana marémana téh pisapuluhpoéun poéan lebaran. Sababaraha toko kadaharan atawa oleh-oleh Kuningan geus réa nu pesen pikeun sasadiaan jang nu mudik atawa nu ngadon arulin atawa wisata.
Béda jeung mapag lebaran taun ieu, sababaraha pangrajin industri peuyeum ketan Kuningan henteu bisa ngarasakeun maréma, sabalikna tiiseun. Nu antukna henteu saeutik pangrajin peuyeum ketan Kuningan nu peré atawa nutup usahana nyieun peuyeum.
Carsim Cahyadi (53), salasaurang pangrajin peuyeum ketan di Désa Tarikolot, Kecamatan Cibeureum, Kabupatén Kuningan, ti mimiti usum corona geus eureun nyieun peuyeum ketan. Kusabab taya nu meulina sok komo katumbu ku Pembatasan Sosial Berskala Besar (PSBB).
“Memang ayeuna seueur perantau nu marulang ka lembur, tapi teu gancang miang ka kota ngadon cicing di lembur ageung pangaruhna kana pamasaran peuyeum,” cek Carsim, ka Galura sawatara waktu kaliwat.
Biasana dina mangsa lebaran téh réa urang Kuningan nu bubuara di kota kawas Bandung, Bekasi Bogor Jakarta nu baralik kalemburna. Dina mangsa mulang deui ka kota maranenhna sok mawa oléh-oléh diantarana peuyeum ketan Kuningan.
Lian ti kitu, nu ngadon arulin ka obyek wisata Kuningan. Ngan kusabab obyek wisatana ditutup ngabalukarkeun kateugna pamasaran peuyeum Kuningan. Lamun situasi keur normal, dina mangsa nyanghareupan poé lebaran peuyeum ketan nu diproduksi ku Carsim sapoena henteu kurang ti tilu kwintal beas ketan.
Tina bahan baku béas ketan sakitu téh jadi 180 ember. Atuh lamun dina nyanghareupam poéan lebaran sok leuwih réa pesenan téh nepika 1000 embér. Samalah nyieun peuyeum téh nepika teu katadah, salian sakapeung sok kabentur bahan baku oge tanaga nu nyieunna kawates nu antukna sok ngamangfaatkeun tanaga tambahan.
“Biasana mah upami mayunan poéan lebaran téh nu pesen sok ngaronjat. Teu kaudag, teu kadamelan sok nambih tanaga pangpangna muruhkeun mungkusan ka warga,” ceuk Carsim.
Kumaha ayeuna? Ceuk Carsim boro-boro maréma nyieun 50 embér ogé kapokoh (pedah) nyumponan nu pesen ngadadak lain jang kirim jualeun ka tempat nu jauh. Inyana miharep kaayaan bisa sagancangna normal deui, kusabab boga tanggung jawab nyalametkeun nasib kurang leuwih 25 karyawan.
“Sanajan ngandelkeun pagawé lepas, tapi aya sababaraha urang pagawe tetep nu tangu kudu dibayuan. Tapi untungna ayeuna téh kabantos ku usum panén paré, janten teu walurat teuing,” pokna. ***