SAJUMLAH pelajar anu kabeungkeut dina Tim Literasi Kuningan geus sayaga pikeun milu Jamboré Literasi Tingkat Jawa Barat anu baris lumangsung di Bumi Perkemahan Letjen Mashudi Jatinangor Kabupatén Sumedang, ti mimiti tanggal 1 nepika 2 November anu bakal datang.
Tim Literasi Kuningan dijurung laku ku Bupati Kuningan H. Acep Purnama, di pakarangan Setda Kabupaten Kuningan, Poé Senen, 30 Oktober 2017. Dumasar katerangan anu katampa, Jambore Literasi Jawa Barat baris diiluan ku 1500 pelajar ti saban kabuptén sa-Jawa Barat.
Bupati Kuningan H. Acep Purnama, miharep Tim Literasi Kuningan anu baris miluan Jambore Literasi bisa mibanda pangalaman jeung pangaweruh anyar salian miluan eta acara.
“Anu langkung utamana mah Tim Literasi Kabupaten Kuningan kedah tiasa nyaluyukueun diri sajeroning ngiringan Jamboré. Kedah tiasa nyeungitan daerah Kuningan. (AM)*
#wartasunda#wartabasasunda