TMMD di Desa Sindang

KUNINGANMEDIA | Ahad, 09 April 2017 23:56
Bagikan ke Facebook
KM
Sajumlah anggota TNI dibantu anggota DPC Pejuang Siliwangi Kabupaten Kuningan, keur nurunkeun batu di lokasi jalan nu rȇk diaspal, di Desa Sindang, Kecamatan, Lebakwangi, Poȇ Saptu (8/4/2017). [Foto: Zoen]

URANG Dȇsa Sindang, Kecamatan Lebakwangi Kabupatȇn Kuningan, bungah kacida pȇdah daȇrahna dijadikeun lokasi TNI Manunggal Membangun Dȇsa (TMMD). Teu rȇk bungah kumaha, kusabab ayana TMMD geus bukti bisa ngarobah kaayaan dȇsa anu mingkin maju boh anu aya patalina reujeung pangwangunan fisik boh non fisik.

Ngeunaan pangwanguna fisik nu dilakonan dina kagiatan TMMD di ȇta dȇsa, nyaȇta ngaspal jalan poros dȇsa anu ngahubungkeun Dȇsa Sindang Kecamatan Lebakwangi jeung Dȇsa Pajawanlor, Kecamatan Ciawigebang, anu panjangna 1,2 kilomȇter jeung rubakna 2,5 kilomȇter. Ngaspal ȇta jalan tȇh dirarancang baris rȇngsȇ salila sabulan luyu reujeung jadwal TMMD.

Ceuk Dandim (Komandan Komando Distrik Militer) 0615 Kuningan, Arief Hidayat, ngaspal jalan poros dȇsa tȇh mangrupakeun sasaran poko kegiatan pembangunan fisik. Salian ngaspal jalan, aya sasaran tambahan kagiatan fisik sȇjȇnna.

Diantarana nyieun tȇmbok pikeun nahan gawir anu panjangna 600 meter, ngahadȇan gorong-gorong, nyieun pamiceunan runtah jeung , nyieun balong. “Nyieun balong tȇh diancokeun pikeun Karang Taruna, dina raraga pemberdayaan masarakat. Sȇjȇn ti ȇta ogȇ masang lampu penerangan jalan umum, ngarehab masjid, ngarehab bangunan SD, ngarehab imah nu teu layak huni jeung nyieun 25 unit jamban umum,” ceuk Arief Hidayat, sabada ngalakonan upacara pembukaan TMMD ka-98 di Lapang Sepak Bola Dȇsa Sindang, sawatara waktu kaliwat..

TMMD ka-98 taun 2017 di Kabupatȇn Kuningan dibuka ku Bupati Kuningan Acep Purnama, diluuhan ku sajumlah unsur pingpinan TNI. Di antarana Staf Ahli Pangdam Bidang Manajemen dan Sistem Pertahanan Negara Yudi Zanibar, katut sajumlah unsur pingpinan Kodam III Siliwangi, Kepala Staf Korem 063 Sunan Gunung Jati jeung unsur pingpinan Kodim sa Wilayah Ciayumajakuning. Bupati Kuningan Acep Purnama dina biantarana umajak ka sakumna masarakat husususna Dȇsa Sindang pikeun rukun gawȇ jeung TNI milu ancrub dina kagiatan TMMD kasebut. Atuh upama geus rȇngsȇ, masarakat diperedih pikeun miara hasil anu kahontal dina kagiatan TMMD.

TMMD di Dȇsa Sindang, henteu saukur ngawangun fisik, tapi oge kagiatan non fisik dianatarana penyuluhan kesadaran bernegara, Sosialisasi pengelolaan Sampah, Penyuluhan Kamtibmas, Pembinaan Pos Kamling, Penyuluhan Kesehatan, Penyuluhan Perkopersaian, Wawasan Kebangsaan, Penyuluhan PBB, Penyuluhan KB, Penyuluhan Bahaya Narkoba, Penyuluhan Tertib Lalulintas jeung rȇa-rȇa deui. (Zoen)

Kirim Komentar

Nama
Alamat email
Alamat Web
Komentar
Tulis Kode: